Kumpulan Lirik Lagu Lengkap

Lirik Lagu Hikmah Diri - Fanny Sabila


Mungguh aturan pangèran
Susah senang pasti datang
Èta hiji bagèan
NU moal bisa di hadang

Naon anu karandapan
Na lalakon kahirupan
Kapeurih kanyeurian
Dina awal pang inditan

Lamun di pikir Matak gering Kana batin
Sagala tarèkah nu di lakonan
Tapi kunaon gening buktina
Kitu salah kieu lain

Mungguh teu gampang
Metik hasil perjuangan
Iwal ti sabar pinuh kayakinan
Da gening bukti hikmah Keur diri
Milik teu pa hili hili

Sujud sukur ka pangèran
Tina rupi kanikmatan
Jeung ka bagjaan
==============================

Lirik Lagu Rangkulan Salira - Sigit Gumelar


Rangkulan salira masih karaos
pageuhna hese lesotna
sugan teh tangkeup na anjeun
nu pinuh rasa kakangeun
horeng aya asih sapeungkeureun

Boro tos bagja ieu diri mikacinta sageumbleungna
sakur nu dipikahoyong rarasaan si tedunan.
anjeun mengkolkeun asih ka deungeun

ref...
Ihklas memang ihklas
ridho teu ngajodo
naha ieu hate
emut wae kasalira

Diri memang nyeri
beurat pikeun nampi
panginteun kedahna
gurat na urang papeugat
=========================

Lirik Lagu Mata Poe - Abiel Jatnika


Matapoé rék ngampih
Tanda rék salin wanci
Beurang rék naleukeum kapeuting
Cihcir tongérét récét
Ngahudang balilu
Lalewang...

Laun-laun kapiati
Cukang lantaran mah éta
Sumélékét dina jero haté
Pikir ngahudang brangta
Kahayang biheung laksana
Honcéwang haté lalewang

Sakapeung di pikir peurih
Raga lir keuna ku peurah
Anjeun nyieuhkeun harepan
Sanajan tacan pataréma ucap
Sok komo bari ngaréka tresna

Bet teu kuat manggihan imut
Teu karasa haté kapincut
Lalanjung wuyung gandrung
Sakitu laut reujeung ombakna
Teu eureun-eureun méré gugupay
Ngogo tetepan

Naha anjeun bet kajongjonan
Geura tampi kaasih diri
Urang ngogokeun kasono
Mepéndé haté
Dina méga pangluhurna
======================================

Lirik Lagu Teu Sangka - Abiel Jatnika


Laut ..
Najan jeuro masih bisa diteuleuman
Hate jalma mah gening Saha nu terang
Najan de'et teu kakoet
Anu sakitu deudeuhna teu sangka gening teu sangka
Satukangeun teu Satia

Anjeun ..
Salami ieu teh meureun nyandiwara
Kadeudeuh cintana ukur pura-pura
Teu Jeung hate teu Jeung rasa
Sajeuroning Deudeuh sayang hate rasa mah ngalayang
Meulit eunteup dinu Lian

Reff :
Jauh-jauh ...
Jauh Tina panyangka
Sangka'an mah cintana ti lahir tumekaning batin
Asih Adi gigireun
Dina mangsa hareupeun
Satukangeun cinta dibikeun ka deungeun

Peurih - peurih ...
Karasa peurih sanggeus nyaho cintana Ngan saukur akon-akon
Gening Ari gigireun dinaangsa hareupeun satukangeun cinta dibikeun kadeungeun
... Duuh Gusti Kedah kumaha ....
==================================

Lirik Lagu Mihape - Abiel Jatnika


Mega nu geuneuk maleukmeuk
Jeung kulawu ngawagut teu puguh laku
Hiliwir angin ti lamping
Nambah Kingkin sumarambah ka ieu diri

Japati oge lir sudah hibeur tapi moal lali nepungan jangjina
Sanajan kieu jadina cinta urang papisah ditengah jalan
Teupi ka kieu buktina deudeuh urang ayena teu bisa manjang
Lain kahayang - lain kahayang diri tumarima geus gurat kuduna

Reff :
Mihape ieu cinta ulah arek disapirakeun
Mihape ieu tersna ulah arek di geugeuleuh
Ngan ukur anjeun saukur anjeun nubaris anteung tina lamunan
Sanajan anggang taya laksana diri teuteup kumatik ka asih mimiti

Sanajan kieu jadina cinta urang papisah ditengah jalan
Teupi ka kieu buktina deudeuh urang ayena teu bisa manjang
Lain kahayang - lain kahayang diri tumarima geus gurat kuduna

Reff :
Mihape ieu cinta ulah arek disapirakeun
Mihape ieu tersna ulah arek di geugeuleuh
Ngan ukur anjeun saukur anjeun nubaris anteung tina lamunan
Sanajan anggang taya laksana diri teuteup kumatik ka asih mimiti
======================================

Back To Top