Kumpulan Lirik Lagu Lengkap

Lirik Lagu Iraha Kawin - Fany Sabila

=========================
Geus bosen bobogohan wae
Geus cape gunta ganti pasangan wae
Ku itu ku ieu sok ditanya wae
Mantak pusing mantak rajet kana hate

Jajaka loba nu daratang
Nu make mobil motor jeung anu leumpang
Teu ka itung anu ngajak kenalan
Neleponan smssan jeung facebookan

Na kunaon ieu hate terus bimbang
Na kunaon papacangan mariang ilang
Naha salah lamun kuring boga kahayang
Hayang gedong sigrong hayang mobil sedan jeung hayang tanah hektaran

Iraha iraha kuring rek kawin
Da gening nyorangan mantak rungsing
Si ema sibapak geus nitah kawin
Na iraha na iraha kuring kawin.
==========================

** Disclaimer : Blog ini hanya menyediakan kumpulan lirik musik saja, jadi tidak menyediakan link download. Semua materi Lagu dan Lirik merupakan hak cipta pemilik yang bersangkutan

Lirik Lagu Karang Hawu - Fany Sabila

================================
dibasisir laut palabuan ratu
dipalebah batu ngampar karang hawu
bari nyawang ka tengah lautan
hate pinuh panghareupan

disarengan ku bebende digigireun
rema panangan silih cepeng silih ranggeum
hiliwir angin dilingding katresna
mapaesan cinta urang

patutur ombak nu silih surungkeun
tingjelegur nembrag kana karang hawu
kadeudeuh kanyaah cinta nu urang
nu pengkung di karang hawu

tempat wisata
palabuan ratu
cek dongeng cenah cek beja
kantos sumping ibu ratu

di karang hawu
tempat anu endah
nyadidinya pisan 
mahetkeun janji pasini

di karang hawu
palabuan ratu
aya carita urang duaan
teupikeuneun katurunan

disarengan ku bebende digigireun
rema panangan silih cepeng silih ranggeum
hiliwir angin dilingding katresna
mapaesan cinta urang

patutur ombak nu silih surungkeun
tingjelegur nembrag kana karang haru
kadeudeuh kanyaah cinta nu urang
nu pengkung di karang hawu

tempat wisata
palabuan ratu
cek dongeng cenah cek beja
kantos sumping ibu ratu

di karang hawu
tempat anu endah
nyadidinya pisan 
mahetkeun janji pasini

di karang hawu
palabuan ratu
aya carita urang duaan
teupikeuneun katurunan
==============================

** Disclaimer : Blog ini hanya menyediakan kumpulan lirik musik saja, jadi tidak menyediakan link download. Semua materi Lagu dan Lirik merupakan hak cipta pemilik yang bersangkutan
Back To Top