Kumpulan Lirik Lagu Lengkap

Lirik Lagu Hikmah Diri - Fanny Sabila


Mungguh aturan pangèran
Susah senang pasti datang
Èta hiji bagèan
NU moal bisa di hadang

Naon anu karandapan
Na lalakon kahirupan
Kapeurih kanyeurian
Dina awal pang inditan

Lamun di pikir Matak gering Kana batin
Sagala tarèkah nu di lakonan
Tapi kunaon gening buktina
Kitu salah kieu lain

Mungguh teu gampang
Metik hasil perjuangan
Iwal ti sabar pinuh kayakinan
Da gening bukti hikmah Keur diri
Milik teu pa hili hili

Sujud sukur ka pangèran
Tina rupi kanikmatan
Jeung ka bagjaan
==============================

Lirik Lagu Nikmat Duria - Fanny Sabila


Peuting harita...
Basa.. kuring.. jeung manehna..
Waktu patukeur carita...
Mere jangji.. jeung subaya...

Nu pinuh ku kaendahan..
Mikeun asih numunggaran...
Duaan.. ngumbar lamunan..
Hayang hirup sauyunan...

Hanjakal nikmat duriat...
Teusangka bet bisa pegat..
Horeng miyuni balebat..
Ngan ukur matak tibelat..

Teungteuingeun.. Kuharianeun..
Asih kuring nu dibikeun
Teunyana geuning leungiteun
Horeng peuting panungtungan

Peuting harita....
Anu mawa kabagjaan...
Kaasih deudeuh katresna...
Hese mapalerkeunana

Lila pisan rek janglarna..
Nyeri peurih salamina..
Panutan geuning teusangka..
Horeng geus boga gantina..

Hanjakal nikmat duriat..
Teusangka bet bisa pegat..
Horeng miyuni balebat..
Ngan ukur matak tibelat..

Teungteuingeun.. Kuharianeun..
Asih kuring nu dibikeun..
Teunyana geuning leungiteun..
Horeng peuting panungtungan..
==============================

Lirik Lagu Regang Panghalang - Fanny Sabila


Mangsa bulan keur moncorong
Bèntang gè milu marengan
Èndah ngahias mèga

Saupami cinta urang
Bisa langgeng salawasna
Bagja èta nu diteda

Kunaon règang panghalang
Henteu nyatujuan urang
Jadi cucuk liliwatan
Malah hatè asa mineng diraheutan

Tos bingung kumaha mayunanna
Badè di beureum dihideung
Abdi pasrah nu pangsaèna ti anjeun ..
===================================

Back To Top